Minggu, 14 Juni 2015

sajak janari leutik



Sajak
Kenging Ristya
Janari Leutik
Ruhak  durukan geus lila pareum
sora adzan ti beh jauh
hawar-hawar kabawa angin janari
“Geus mangsana mulang” , ceuk anjeun
Ci ibun nu nyangsaya dina beunget peuting
Nyalangkrung bangun nu seunggah mangkat

“Dagoan”, ceuk kuring
Di mumunggang nu itu
urang  bakal tepung pikeun mungkas carita

wanci janari leutik
aya  lalakon hirup bakal lekasan
basa ruhak durukan geus lila peureum
didieu
dina mumunggang
hate……
 15 juni 2015



sajak sunda dina lengkob hate



Sajak
Kenging Ristya
Dina Lengkob Hate

Dina lengkob hate
Aya  nu rumahuh saenggas netek tanjakan
Poe ieu atawa boa isukan
balebat bakal peuray dina tungtung keteg  jajantung

( anjeun nu nungguan dina mangsa saereupna
Ieu hate  geus leah
tumamprak  kana qadar…..)

Poe ieu atawa boa isukan
Bakal  anjog  ka sarakan
Nyorang  lampah
Sorangan…

Juni 2015